Kamis, 21 Februari 2013

Pemerintah Kota Bandung
Dinas Pendidikan

SD Negeri Cipamokolan 3
Jl. Derwati No. 40 Kec. Rancasari


SOAL UTS BAHASA SUNDA  KELAS 2 SEMESTER 2

TATA TERTIB DIAJAR

Isuk keneh barudak teh geur ngagarimbung di sakola. teeeet   teeet   teeet...!
Barudak ribut muru ka hareupeun kelasna masing-masing, baris heula. Tuluy ku ibu guru diparios kuku, baju seragam, beubeur jeung sapatu.
Hey Mardi, Naha sapatuna bet bodas? kapan kuduna oge hideung, kaos kakina anu bodas, "saur bu guru"
Sapatu anu itu baseuh bu, kamari kahujanan, tembal mardi.
"Naha kahujanan sosoranganan? lain batur oge sarua kamari teh kahujanan? "saur ibu guru deui
Mardi tungkul teu nembalan. Sok rek balik deui di ganti sapatu atawa cicing didieu, tapi teu meunang asup ka kelas, ngandung harti teu meunang milu diajar, saur bu guru.
Ieu aturan teh mangrupa tata tertib sakola, lamun ku hidep dirumpak ngandung harti hidep geus salah. Sok ayeuna mah itung-itung kawijaksanaan ti ibu, karunya hidep rek ulangan, meunang asup tapi sapatuna di buka, wayahna nyeker wae. Saputa teundeun di kantor guru, engke ari rek balik disampeur, jeung poma ulah sakali-kali deui. Bu guru nyeukseukan Mardi, Muhun bu, ceuk Mardi lalaunan bari terus ngalaan sapatuna.

                                                                                                                   Kengeng : Ade wikana



I. Jawab pananya  di handap ieu!

1. Naon judul bacaan di luhur?
2. Dimana barudak barisna?
3. Naha Mardi make sapatu bodas?
4. Wayah kumaha barudak geus ngagarimbung di kelas?
5. Naon wae anu diparios ku ibu guru teh?




II. Cakra  (X)  huruf a, b atawa c  dina jawaban nu bener!

1. Ieu anu kaasup huruf kapital (aksara ageung) anu bener nyaeta....
   A. budi murid kelas dua
   B. Budi murid kelas dua
   C. budi Murid kelas dua

2. Ieu anu kaasup huruf kapital (aksara ageung) anu bener nyaeta....
   A. Dadan tumpak sapedah
   B. dadan Tumpak sapedah
   C. dadan tumpak Sapedah

3. Anu kaasup kalimah pangajak nyaeta....
   A. Din, urang maen bal, yu!
   B. Didin keur maen bal.
   C. Keur naon Din?

4. Anu kaasup kalimah pangajak nyaeta....
   A. "Urang ucing-ucingan, yu!
   B. barudak keur naon?
   C. Barudak keur ucing-ucingan.

5. Jadi budak mah salawasna kudu berseka. berseka hartina....
   A. teu beresih
   B. kotor
   C. beresih

6. Ibak teh tong hilap nganggo sabun. Hilap hartina....
   A. teu poho
   B. poho
   C. inget

7. Mimma keur dahar. Anu kaasup jejer (subyek) nyaeta....
   A. Mimma
   B. keur
   C. dahar

8. Nani keur maca. Anu kaasup caritaan (predikat) nyaeta....
   A. Nani
   B. keur
   C. keur maca

9. Acuk kotor kedah....
   A. dikumbah
   B. diseuseuh
   C. diistrika

10. Abdi nuju neda, bapa nuju....
   A. tuang
   B. emam
   C. mayor

III. Eusian titik-titik di handap ieu!

1. Upami hoyong pinter kedah rajin.....
2. Barudak teh geus tepi kanu dituju. Dituju hartina....
3. Mardi rek nganjang kaimah babaturanana. nganjang hartina....
4. Sapatu teh ayeuna mah awis, kapungkurna mah....
5. Nu tugasna ngajaga gawang nyaeta....
6. Nu mingpin pertandingan disebut....
7. Ulangan basa sunda teh jiga hese padahal....
8. Abdi nuju mondok, bapa nuju....
9. Ambeh alus tutuwuhan teh kudu di....
10. Bapa nuju....dina korsi.
     Kalimah diluhur eusina nyaeta....

Entri Populer